lalaba

lalay badot

◦°◦ SILSILAH NGARAN PATEMPATAN DI TATAR PASUNDAN ◦°◦

post on: Kamis, 29 September 2011
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung… Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh
ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya
di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat
téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian
folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika
(onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma,
ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-
usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana
’sajarah’ ngajanggélékna. Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat
kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu
cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya
sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu
nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat.
Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré
gambaran anu écés. Upamana, mun ti Subang rék ka Bandungkeun urang
tangtu bakal ngaliwatan Tanjakan Émén. Éta tempat
téh pernahna di kebon entéh, méméh gerbang
Tangkuban Parahu. Mun dititenan éta ngaran tempat
téh ngandung sababaraha informasi. Kahiji, pangna
disebutkeun Tanjakan Émén nurutkeun setting fisikal (morfogéologis atawa kontur permukaan bumi)
lantaran éta jalan téh nanjak (nanjeur). Kadua, di éta
tanjakan téh nurutkeun setting sosial, cék sakaol mah
(kira-kira taun 70-an) kungsi aya kajadian nu matak
geunjleung. Di éta tempat, kungsi aya supir
ompréngan Bandung-Subang cilaka, ngan duka alatan tabrakan duka tigebrus, nepi ka maotna. Ngaranna
Émén. Ari cék mitos (setting kultural), lamun nu rék
ngaliwat ka éta tempat kudu ngalungkeun roko
ngarah salamet. Kasus-kasus modél kitu téh bisa baé kapanggih di
unggal tempat. Tina rupa-rupa informasi nu
diébréhkeun dina ilustrasi téh tétéla ngaran tempat téh
ngurung kana aspék-aspék fisikal, sosial jeung
kultural ngeunaan éta tempat. Mun dijujut, di urang (Tatar Sunda) teu saeutik ngaran
tempat nu diasosiasikeun jeung rupa-rupa talajak
alam (setting fisikal) nu pernah aya. Aya sababaraha
pola nu maneuh raket jeung asosiasi, biasana ku cara
matalikeun ngaran tempat jeung talajak alam téa. Éta
pola téh bisa dicirian ku: kahiji, pola linier nyaéta ngaran tempat sacara langsung diadaptasi tina talajak
alam. Demi talajak alam téh bisa ngawengku aspék
hidrologis, aspék morfogéologis (kontur permukaan
taneuh) jeung aspék biologis. Ari nu dimaksud pola nu
kadua nyaéta ngaran tempat nu dicokot tina dua
atawa leuwih boh talajak alam boh aspék sosiokultural dibarungkeun jadi hiji ngaran (konsép). Ngaran patempatan nu ngindung kana aspék
hidrologis di urang mah teu wudu beungharna. Mun
cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang
Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society,
masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus
pada-pada maphum yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma’mur. Ari salasahiji
ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk
nu resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana
Tatar Sunda ku Gusti Alloh téh ngadamelna ogé bari
“marahmay, tur imut ngagelenyu”. Geura urang guar, aspek hidrologis nu patali jeung
pola linier, ngaran Andir upamana. Éta kecap téh
seuhseuhanana mah kalawan torojogan diadaptasi
tina talajak alam aspék hidrologis, anu saharti jeung
huluwotan (springs), séké atawa cinyusu. Disawang
tina jihat sajarah, munasabah Andir (lebah Bandara Husen Sastranegara) téh baheulana teu bina ti sumur.
Ku lantaran éta tempat téh subur ku cai, Andir téh
harita jadi tempat anu kagiridig. Jadi tempat
pangimpungan jalma-jalma nu lumampah jauh boh nu
badarat boh nu tumpak kuda pikeun ngaso jeung
ngaleungitkeun hanaang. Lila-lila mah éta tempat téh jadi ramé, jadi pangjugjugan ti mana-mana. Nilik kana
talajak alam nu aya di tatar Sunda, bawirasa mun di
unggal tempat aya lembur nu dingaranan Andir. Di éta
tempat bakal manggihan kalawan langsung aspék
hidrologis anu disebut cinyusu, séké nu pernahna di
suku gunung atawa lamping. Conto pola linier nu pakait jeung aspek hidrologis séjénna upamana
ngaran: Empang, Parigi, Dano, Bendungan; Léngkong;
Parung; Dermaga, jsté. Ari pola nu kadua, lantaran gabungan téa tina dua
aspek atawa leuwih (aspek hidrologis jeung aspék
séjén kaasup rupaning istilah) di antarana: ci(cai): Ci-
malaka; séké: Sékéloa; leuwi: Leuwidaun; curug:
Curugsigay; bantar: Bantarmara; muara: Muararajeun;
balong: Balonggedé; sawah: Sawahkurung; parakan: Parakansaat; situ: Situaksan; émpang: Émpangsari;
solokan: Solokanjeruk; kali: Kalipucang; karang:
Karangnini; ranca/rawa: Rancapurut, Rawa- badak;
sagara: Sagaraanakan; sumur: Sumurbarang; talaga:
Talagawarna; tambak: Tambaksari; lebak: Lebaksiuh;
parigi: Parigimulya jrrd. Tah lebah akumulasi tina ngaran-ngaran tempat di
Tatar Sunda nu ditataan di luhur, bawirasa mun
diproséntasekeun téh tangtu bakal didominasi ku
ngaran nu dimimitian ku kecap ci. Naon sababna?
Perlu aya panalungtikan nu leuwih jero. Lian ti aspék hidrologis, ngaran tempat téh sok
dipatalikeun ogé jeung aspék morfogéologis (dumasar
kana kontur permukaan bumi) deuih. Ari pola linier nu
patali jeung aspek morfogeologis di antarana:
Punclut/Penclut, Legok, Tegal, Talun; Genténg jsté.
Sedengkeun pola nu ngindung ka nu kadua Lemah Neundeut, upamana. Éta ngaran téh diadaptasi tina
kaayaan lemah (taneuh) anu neundeut akibat ayana
rohang di jero taneuh anu kosong (téktonik) nu ahirna
ngareunteutkeun struktur taneuh. Conto-conto séjénna
ngaran tempat nu diadaptasi tina aspék morfogéologis
nu ngindung kana pola nu kadua, upamana baé: tina kecap tegal jadi ngaran Tegalkalong; kebon:
Kebonjukut; cadas: Cadasngampar; pasir: Pasirjati;
batu: Baturéok; guha: Guhapawon; legok: Legokhuni;
bojong: Bojongméron; ujung: Ujungkulon; geger:
Gegerkalong; tanjung: Tanjungsari; pulo: Pulomajeti,
jrrd. Kasus nu spésifik, deskripsi ngaran tempat nu patali
jeung aspék morfogéologis bakal leubeut kapanggih di
daérah pakidulan Tatar Sunda nu manjang ka tebéh
wétan. Éta tempat téh mangrupa kawasan
pagunungan anu katelah Southern Mountains, nu
nuduhkeun hiji daérah pagunungan (non vulkanik). Tina kontur taneuh modél kitu munasabah mun di éta
tempat loba nu dicokot tina talajak alam. Kota
Tasikmalaya, apan salah sahiji cirina loba ngaran
tempat nu maké ngaran gunung, nepi ka sohor ku
jujuluk the ten thousand hill of Tasikmalaya. Kesan
pernah ayana talajak alam modél kitu téh bisa diidentifikasi ngaliwatan ngaran tempat nu maké
kecap gunung. Upamana bagian wilayah kota nu
dibéré ngaran: Gunung sabeulah, Gunung lipung,
Gunungroay, Gunung sari, Gunung gadog, Gunung
pereng, Gunung awi, Gunung jambé, Gunung putat,
Gunung Ki-Cau, Gunung Pongpok jrrd. Sedengkeun aspek biologis sok dipatalikeun jeung
lingkungan alam (sistem ékologis) nu aya di
sabudeureunnana. Ngaran tempat biasana dicirian
atawa ngarujuk kana aspek flora jeung fauna.
Upamana flora, nyaéta tangkal nu aya atawa nu hirup
di éta tempat. Geura urang pedar nu patali jeung pola linier dina aspek biologis. Upamana ngaran Kosambi.
Mungkin baé éta tempat téh harita mah can boga
ngaran. Pikeun kapentingan nuduhkeun éta tempat,
kabeneran deuih di dinya téh aya tangkal kosambi
nya tuluy ditarelah baé ngaran Kosambi, malah nepi
ka ayeuna. Di tatar Sunda bawirasa asa loba pisan ngaran tempat nu maké ngaran tutuwuhan/tangkal
tina pola linier. Geura urang tataan ngaran-ngaranna,
saperti: Garut, Bayongbong, Sentul, Kosar, Katapang,
Dangdeur, Calingcing, Dukuh, Rambutan, Balingbing,
Cangkuang, Baros, Loa, Menteng, Bintaro, Bencoy, Jati,
Paséh, Kopo, Kirisik, Haramay, Petir, Kawista, Kroya, Gorda(h), Gempol; Gandasoli; Gambir; Gadog,
Jamblang, Jambu, Jampang, Darangdan, Bugel, Bihbul.
Gombong, jrrd. Demi pola nu kadua, nya eta Haurkonéng, Haur
Pancuh, Haur Pugur, Buahdua, Warudoyong,
Kalapanunggal, Kasomalang, Kiaracondong,
Gintunglempeng, Jatitujuh, Kawungluwuk, Pakuhaji,
Kadungora, Rengasdengklok, jrrd. Kaasup ngaran
tempat séjénna, Dungusmaung (dungus atawa rungkun; maung), Leuweungtiis (leuweung; tiis (aspék
klimatologis)), Pengkolan Asem, Warung Togé,
Leuwilaisah, jrrd. Kumaha ari ngaran tempat nu dicokot tina aspék
sosial? Ngaran Banceuy (lebah alun-alun Bandung
beulah kalér) upamana. Banceuy téh sacara étimologis
ngabogaan harti kompléks kuda, kaasup istal jeung nu
ngurusna. Ieu patempatan téh gelarna sabada aya
jalan raya pos (Grote Postweg) nu ngembat ti Anyer ka Panarukan téa. Ieu Banceuy téh sok dipaké tempat
pangreureuhan atawa bagantina kuda pikeun
kapentingan transportasi jeung kaperluan pos
(pasuratan) harita. Mun aya surat atawa barang ti
Batawi kudu dianteurkeun ka Semarang, nya tangtu
baé moal kuateun mun kudu meleter kuda hiji nepi ka Semarang. Munasabah pisan upama ngaran Banceuy
téh aya méh di tempat (kota) nu kaliwatan ku éta
jalan. Conto séjén, Balubur. Apan éta ogé teu leupas tina
aspék sosial jaman pangawulaan. Harita balubur téh
ngaran tempat aya dina kakawasaan bupati (boga
hak istiméwa). Mun cara ayeuna mah meureun sarua
jeung kompléks perumahan pejabat (para menak)
kabupatén. Conto séjénna nu patali jaman pangawulaan: Patrol, Karéés, Régol, Pamager sari,
Pungkur jsté. Atuh ngaran-ngaran nu maké kecap
kekebonan luyu jeung tangkal nu dipelakna (lelewek
Bandung), upamana: Kebon Kalapa, Kebon Jukut,
Kebon Kawung jrrd. éta ogé teu leupas tina aspék
sosial harita. Kebon kopi di Ciaruteun (Bogor), apan teu leupas tina sétting sosial malah kaasup setting
kultural, nyaéta tempat dkapanggihna prasasti
batutulis Kebon Kopi. Éta tempat téh ngait kana jaman
‘tanam paksa’ Culturstelsel nu ngawajibkeun
masarakatna marelak kopi. Harita leuweung dibabad
pikeun dijadikeun kebon kopi. Nepi ka ayeuna éta tempat téh nelah kampung Kebon kopi. Titinggal cultur
stelsel téh, nu abadi nepi ka kiwari sok
dikarawihkeun, cenah: Dengkleung déngdék, buah kopi raranggeuyan
Ingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan. Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan
pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun
rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan
masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat.
Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana
panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku,
kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka
anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan. Di Bandung gé apan sakitu ngaleuyana ngaran tempat
nu maké kecap babakan, saperti Babakan Surabaya,
Babakan Ciamis, Babakan Sumedang, Babakan
Ciparay jsté. Éta ngaran-ngaran tempat téh raket pisan
patalina jeung talajak sosial waktu ngadegkeun éta
tempat. Babakan Surabaya upamana, dalit pisan jeung talajak sosial, ku kajadian dipindahkeunana instalasi
militér, pabrik senjata/mesiu nu sok disebut Artillerie
Contructie Winkel (ACW) ti Ngawi jeung Surabaya ka
lelewek Kiaracondong. Ayeuna mah éta pabrik
senjata téh katelah PINDAD. Ti dinya loba pagawé ACW
(urang Surabaya jeung Ngawi) nu pindah ngaradon “bedol désa” ka Tatar Sunda. Cék Haryoto Kunto,
nya ti harita aya kacapangan dina wangun sisindiran
keur ngageuhgeuykeun urang Jawa nu unina “Jawa
Kowék dagang Apu, datang poék teu diaku”. Ieu
geuhgeuyan téh lantaran loba “bedoler” datangna
ka Bandung kapeutingan. Boa boa pedah naék spur “Si Kuik” kawasna mah, anu ngadided majuna
jeung loba eureunna téa. Sadatangna ka Bandung,
tuluy baé muka lembur, arimah-imah, nya katelah wé
babakan Surabaya. Masih cék Haryoto, aya talajak sosial anu unik
sabudeureun kota Bandung harita. Bawirasa ayeuna
ogé masih dipaké. Nyaéta sebutan ‘dayeuh’.
Dayeuh téh mangrupa istilah anu populér pikeun
ngarujuk kota Bandung. Jadi nyaba ka ‘dayeuh’
maksudna indit ka Bandung. Ari sétting kultural nyaéta ngurung kana ngaran
tempat nu dipatalikeun jeung unsur-unsur gagasan
atawa ide saperti: aspék mitologi, folklore, sistem
kapercayaan masarakatna. jsb. Najan dina émprona
mah dalit jeung seting sosial. Saupama ngajujut
ngaran tempat, teu kakobet ku cara boh setting fisikal, boh setting sosial nya tarékah pamungkas téh
maké setting kultural. Lamun loba ngaran tempat/
kota di tatar Sunda nu teu bisa dijujut maké perspéktif
fisikal, nya wayahna kudu dibantuan ku mitologi,
folklore jeung sistem kapercayaan. Majaléngka pan
ngaitna téh jeung mitologi Nyi Rambut Kasih, Bandung nyantélna jeung carita legénda Sangkuriang,
Sumedang jeung étimologi Insun Medal jste. Réa kénéh
ungkabeun mah saperti Tanjakan Sahrudin? Dago
Jawa? Selagedang? Gado Bangkong? Curug Pangantén?
Gunung Tampomas? Gunung Galunggung? jrrd. Lebah
dieu perlu metakeun jampé pamaké téh. Dina nyukcruk ngaran tempat, informasina téh biasana
nyamuni disatukangeun budaya nu jadi bagian
integral tina kahirupan masarakatna. Nyukcruk sarsilah ngaran Plumbon, Karapyak,
Palimanan jste. mun kurang-kurangna urang apal
kana kasangtukang budaya, tangtu bakal lebeng,
bakal poékkeun. Nya cara maluruhna, kahiji ku jalan
mesék éta kecap sacara étimologis; nu kadua
dipatalikeun jeung aspék sosial budaya jaman harita ngeunaan éta tempat, saperti conto kasus Tanjakan
Émén di luhur. Geura urang pesék, upamana Palimanan. Naon
sababna bet dingaranan Palimanan? Singhoréng aya
sasakalana. Kecap palimanan téh sacara étimologis
asal kecap tina liman (Kawi) nu hartina gajah, dibéré
rarangkén barung (konfiks) pa-an nu hartina tempat.
Sabada dirarangkenan éta kecap ngandung harti tempat nu dicicingan ku gajah. Ceuk légégna mah
komplék gajah. Naha maké aya gajah di éta tempat? Demi kota
Palimanan, aya di daérah bawahan karajaan Cirebon
(Sultan Cirebon). Ari Sultan téh nya raja téa. Demi nu
jadi raja harita, (patalina jeung kontéks sosiokultural
mitis-magis) boga anggapan yén miara gajah (satwa
kalangenan) mangrupa salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung komara
éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana
tradisi pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung
mentingkeunana kana kamampuh museurkeun
kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan
karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja. Mawat gajah (salaku mitos)
dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan,
kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan. Tina pedaran di luhur, katitén yén ngaran-ngaran
pilemburan husus di Tatar Sunda teu sagawayah.
Unggal ngaran tempat téh ngabogaan kasangtukang
kasajarahan (sasakala) nu patali jeung setting fisikal,
setting sosial jeung setting kultural. Nya kekecapan
karuhun urang yén lembur matuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan téh ninggang dina
kekecrék.

Sumber: sunda.net

POSTING BERKAITAN
TEMPLATE DESIGN BY
m-template | by: bagas96

masih 0 komentar untuk ◦°◦ SILSILAH NGARAN PATEMPATAN DI TATAR PASUNDAN ◦°◦

Posting Komentar

categori

#top I powered by blogger.com and Mobile Template script Kang bagas96