lalaba

lalay badot

☺POHO KA LEMBUR☺

post on: Selasa, 18 Oktober 2011
Meunang perlop ti kantor téh dua minggu. Ngahaja
dimanfaatkeun mulang ka Indonesia, hayang
nyacapkeun kasono ka lembur, ka babaturan, ka
dulur, jeung utamana mah ka kolot, nu geus aya kana
dalapan bulanna teu panggih. Éta ogé mindeng ari
komunikasi mah boh ngaliwatan telepon atawa SMS, ngan keukeuh béda rasana, antara ngobrol dina
telepon jeung pangih langsung jeung jinisna mah.
Mang Udin geus surti. Mun aya kuring, manehna ngan
saukur ngaluarkeun mobil ti garasi jeung
ngahaneutan wungkul. Tara wani nanyakeun deui, da
geus pada apal yén lamun kuring keur aya di lembur, nu nyupiran bapa jeung nganteur ka ditu ka dieu téh
éstu kudu kuring. Ngahaja kitu téh, salianti hayang
namplokeun kasono indit babarengan, ogé deuih
hayang apal aktifitasna, ngarasakeun kumaha capéna
pagawéanna.
Cara ti sasari mun bapa rék indit, sok dijajap ku ema kana mobil, malah sok ditempokeun sagala nepika
ngilesna mobil di péngkolan. Kitu deui bapa ku anjeun,
barang rék jung sok naros heula ka ema, mulangna
hayang pangnyandakeun naon atawa nitip naon.
Katénjo gedéna kanyaah ema ka bapa, boh bapa ka
ema. Rék teu kitu kumaha, ka jalma nu salila leuwih ti opat puluh taun satia ngabaturan sapapait samamanis
imah-imahan. Babarengan ngaliwatan jalan kahirupan
nu garintul. Malah lain gan saukur salaki pamajikan,
tapi jadi indung bapa ti dua budak lalaki hasil buah
cintana. Nya éta kuring jeung Kang Tatang téa.
Pangna pantes, nalika ema gering parna tilu taun ka tukang bapa setrés pisan. Adatna ngadak-ngadak jadi
robah. Teu kaop kasinggung meueusan, kaluar
amarahna. Kitu téh meureun pedah hariwang, sieun
ema kumaonam. Mangkaning geringna parna, nepika
diopname sagala di rumah sakit. Keur deuih harita téh
Bu Eni, garwana Pa Gaga anyar ngantunkeun. Meureun bapa sok mindeng ningal Pa Gaga jadi
hulang-huleng bangun nu nunggeulis pisan
ditingalkeun pamajikan. Éta oge hariwang sieun kitu
tayohna mah, bapa can siap mu téa kudu ditingalkeun
ema.
Bulan Februari kamari umur bapa nincak tujuh puluh tilu taun, tapi fisikna masih tetep seger buger, ajeg
jeung tetep gagah. Teu némbongkeun boga umur
kolot. Ngan meureun palebah rambutna geus mimiti
pinuh ku silalatu. Béda jeung sobat-sobatna, boh nu
saumur, saluhureun atawa sahandapeun, saperti Pa
Apud, Pa Kurdi, Pa Gaga jeung Pa Engkos. Nu teu walakaya digorogotan umur. Malah ningan Pa Engkos
mah najan umurna kakara genep puluh lima gé geus
bungkuk leumpangna. Na atuh ari bapa mah
katempona masih tetep jagjag jeung séhat, komo
deuih jajauheun pisan kana boga panyakit pikun.
Lamu téa dijajarkeun tur dibading-banding jeung sobatna, nu katempo pang ngorana téh sigana mah
bapa. Padahal, rarasaan mah kana olahragana jarang,
paling meureun sok mindeng leumpang. Éta oge mun
ka kampus pedah jarakna kurang leuwih sakilo ti
imah. Kitu deui kana dahareun sagala brek, teu apik
rujit siga nu séjén. “Rahasiana mah loba aktifitas, loba kagiatan. Gerak
kaditu kadieu…” walonna mun aya nu nanya
masalah éta.
Memang bener bapa mah loba pisan aktifitasna, najan
geus pangsiun gé. Malah aktifitasna téh asa loba
keneh sanggeus pangsiun, jadi dosén undangan. Ampir unggal minggu ber kaditu ber kadieu,
ngadosénan di ditu, ngadosénan di dieu. Tayohna
ampir sakabéh universitas geus kungsi ka ubek ku
bapa mah. Euweuh ka capé. Padahal ceuk kasarna
dunya geus nyampak sagala aya, budak geus jaradi
jelema, kitu deuih gajih pangsiun rarasan mah leuwih ti cukup jang nutupan pangabutuh sapopoé. Lamun téa
kurang atuh tinggal ménta ka kuring atawa ka Kang
Tatang.
Lain teu atoh boga kolot kitu, dipikabutuh ku sasaha.
Tapi bapa téh geus waktuna istirahat, tinggal
senangna, diuk dina korsi goyang. Geus teu pantes mikiran balangsakna dunya komo deui ngarasa capé
ku gawé. Matak Kang Tatang mah sok hémeng nempo
bapa kitu téh, teuing naon cenah nu ditéangana. Da
ningan lamun dicaram sok kalah bendu.
“Nu kieu mah lain gé pagawéaen, tapi
pangaresep.” saurna bari baeud. Kuring jeung Kang Tatang sok hariwang nempo
kagiatan bapa nu sakitu lobana. Komo éta mun
bagéan jadi dosen undangan di luar kota, kacida
hariwangna téh. Sieun kuma onam. Euweuh nu
nalingakeun. Katambah mawa mobil sorangan, da
embung atuh dianteur ku supir téh, kajeun teuing bedo sigana.
“Bapa gé masih bisa mawa mobil mah. Keun waé
Mang Udin mah sina di dieu, nganteur Ema. Bisi butuh
keur nganteur ka ditu ka dieu,” cenah. Lain, lain teu
percaya ka bapa nu masih bisa mawa mobil, tapi
bapa téh geus kolot… na’udzubilah sok sieun aya hal nu teu dipiharep di jalan pangpangna mah.
Kakara kamari-kamari meureun bapa daék di supiran
ku Mang Udin téh. Éta ogé pedah saméméhna
meunang musibah, nabrak mobil batur nalika mulang
ti Cianjur. Untung teu kunanaon, ngan meureun mobil
wungkul nu ringsek téh. Trauma tayohna mah, jadi wé daék ayeuna mah disupiran téh.
Nalika bulan Agustus ngahaja bapa jeung ema téh
diajak ka Australia, éta gé meunang ngabadamikeun
heula jeung Kang Tatang. Bapa dibawa ka ditu téh
sangkan reureuh, istirahat. Sakalian sukuran, kuring
tas meuli imah anyar hayang katincak ku kolot, alesan utramana mah.
Meunang sabulan leuwih di Australia téh. Ngahaja
maké nyewa touris guide sagala sangkan bapa jeung
ema bisa jalan-jalan ngadatangan tempat-tempat
pariwisata nepi ka suklak ka siklukna. Sina
refresihing, reresepan jeung nu utamana mah sangkan pohoeun kana aktifitasna di lembur.
Minggu-minggu munggaran, stratégi téh aya hasilna.
Bangun nu resep bisa jalan-jalan di negri kanguru téh.
Katambah unggal poéna sok aya wa tamu nu datang
ka imah manggihan bapa, ngadon silaturahmi. Nu
daratang téh kurut mahasiswana baheula, boh nu ayeuna geus gawé di Australia boh nu keur
naruluykeun kuliah.
Beuki béh dieu, beuki bosen meureun. Katempo sok
hulang-huleng seorangan. “Bapa mah hayang
mulang, inget ka barudak di kampus, tada teuing
kuciwana meureun euweuh dosénna,” saurna. “Karunya, hanas malayar iuran kuliah, ari diajarna
heunteu”.
Alus ari dina kituana mah bapa téh, inget kana
kawajiban. Inget ka mahasiswana nu mayar iuran
kuliah, padahal diajarna mah heunteu. Gede
perhatianna mah. Jeung da memang bapa mah perhatian jeung nyaah pisan ka sasaha gé. Lain ka
kuring jeung Kang Tatang wungkul atawa kadulur-
dulurna kituna téh, tapi ka sasaha. Ningan Si Agus,
budakna Mang Udin ogé ku bapa mah di sakolakeun
jeung dikuliahkeun sagala. Malah ayeuna téh geus
boga gawe sorangan. Kitu deui bapa mah jalmana tara itungan.
Inget keur leutik, mun pareng aya acara wisudaan di
kampus, geus pasti saentosna aya nu datang ka imah.
Cenah mahasiswana nu kakara lulus. Daratangna téh
tara lengoh, rarébo ku rupa-rupa babawaaan jang
bapa.. Tuluy nalika rék marulangna bari sasaliman téh sok ngarusiwelkeun amplop kana panangan bapa.
Tapi tara ditarima, ku bapa ditampik. Najan sakumaha
didedet-dedet ogé ku jalmana. Kuring mah jeung Kang
Tatang sok sareuseurian di kamer bari noong
narempokeun. Sabab lamun si tamu geus marulang,
pasti ema nu bagean murukusunu ka bapa. “Mun tarima! padahal katempona kandel, lumayan
jang di dapur,” bari manyun.
Ari bapa, meni nyantey jeung tenang ngawalerna téh.
“Keun waé, éta mah lain milik urang. Karunya ka
jalmana. Milik urang mah loba ieuh, lain ti dinya
wungkul.” Ku sabab éta meureun, loba jalma nu raresepeun
jeung hormat ka bapa. Matak mun Idul fitri atawa Idul
adha sok loba parsél ngaleut ka imah. Boh ti koléga-
kolégana atawa ti para mahasiswana. Malah kungsi,
basa keur kuring kelas dua SMA mun teu salah mah,
bapa téh gering. Teu sabaraha ari geringna mah, pedah sampéanna misalah tijalikeuh nalika
badminton. Tapi, na atuh éta mah loba pisan jalma nu
datang, ngabring ngalalongok bari garinding.
Tatangga ogé ni arolohok, disangkana di imah keur
aya raraméan.
Harita, bapa jeung ema téh teu diidinan ieuh mulang. Da kuring keur riweuh di kantor loba gawéan, hésé
meunang perlop alésanna mah.
Teu burung terus dibébénjokeun bapa téh, ku sagala
rupa améh poho ka lembur. Tapi euweuh hasilna,
kalah gering nu aya. Dibawa ka dokter geus sabaraha
balikan, cenah mah panyakit darah tingina karugrag deui. Harita kénéh nalika chek up nu terahir téh
langsung dirawat inap sagala di rumah sakit. Tapi
beuki lila téh lain kalah beuki cageur, beuki parna nu
aya. Bari keukeuh ngaéh teu poho kana paméntana,
hayang balik!
Lain teu nyaah ka kolot pedah teu nurut kana paménta jeung paréntahna, tapi masalahna mun bapa mulang
ka lembur geus pasti bakal balik deui kana aktifitasna.
Katambah kondisina can séhat jeung deuih lamun
perawatanana dituluykeun di Indonesia apan kabéh
ogé geus apal kumaha kaayaan rumasakit-
rumasakitna, teu kumplit jeung teu sacanggih di luar negeri jaba pelayanana kurang.
Beuki lila mah hate téh lééh nempo bapa nu teu daék
répéh hayang mulang, watir jeung deuih kétang
diidinan sotéh pedah harita bapa maké ngancam
sagala. Cénah lamun teu diidinan kajeun kabur,
mulang sorangan ka Bandung. Nya atuh harita kénéh oge gura-giru nelepon Kang Tatang sangkan
mapagkeun, da kuring teu bisa nganteur. Nalika
mulang téh na pesawatna ogé bari diopnamé jeung
dibaturan perawat husus, da sieun kuma onam.
Heuleut saminggu, meunang kabar ti Kang Tatang
cénah bapa téh geus jagjag belejag, malahan tilu poé ti barang nepi ka Bandung geus indit ngadosenan ka
Purwakarta. Teu beunang dicarék ku sasaha. Basa
chek up ka dokter, geus séhat, darahna normal. Malah
canah geus euweuh deui nu kudu dipikahariwang.
Aya ku aneh, kabeh gé nepi ka gogodeg.
Bener ceuk Kang Ahmad, teuing naon atuh nu ditéangan Bapa. Saperti ayeuna, anjeunna keur
anteng ngajar. Keun waé disebut anteng ogé, da
bonganna cenah éta mah lain pagawéan sur bapa ku
anjeun, tapi pangaresep. Di hareupeun kélas katénjo
bapa masih kénéh parigel maparin kuliah ka
mahasiswaana. Paromana adem, taya pisan beban atawa paksaan. Duka rék nepi ka iraha bapa kitu téh.
Taya pisan tanda-tanda capé jeung jemu dina
nyanghareupan aktifitasna. Tapi nu katempo téh
malah cahya ka ikhlasan jeung katentreman tina
batinna. Mugia bapa dipaparin panjang yuswa.

Sumber:

◦°◦ SILSILAH NGARAN PATEMPATAN DI TATAR PASUNDAN ◦°◦

post on: Kamis, 29 September 2011
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung… Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh
ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya
di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat
téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian
folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika
(onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma,
ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-
usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana
’sajarah’ ngajanggélékna. Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat
kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu
cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya
sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu
nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat.
Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré
gambaran anu écés. Upamana, mun ti Subang rék ka Bandungkeun urang
tangtu bakal ngaliwatan Tanjakan Émén. Éta tempat
téh pernahna di kebon entéh, méméh gerbang
Tangkuban Parahu. Mun dititenan éta ngaran tempat
téh ngandung sababaraha informasi. Kahiji, pangna
disebutkeun Tanjakan Émén nurutkeun setting fisikal (morfogéologis atawa kontur permukaan bumi)
lantaran éta jalan téh nanjak (nanjeur). Kadua, di éta
tanjakan téh nurutkeun setting sosial, cék sakaol mah
(kira-kira taun 70-an) kungsi aya kajadian nu matak
geunjleung. Di éta tempat, kungsi aya supir
ompréngan Bandung-Subang cilaka, ngan duka alatan tabrakan duka tigebrus, nepi ka maotna. Ngaranna
Émén. Ari cék mitos (setting kultural), lamun nu rék
ngaliwat ka éta tempat kudu ngalungkeun roko
ngarah salamet. Kasus-kasus modél kitu téh bisa baé kapanggih di
unggal tempat. Tina rupa-rupa informasi nu
diébréhkeun dina ilustrasi téh tétéla ngaran tempat téh
ngurung kana aspék-aspék fisikal, sosial jeung
kultural ngeunaan éta tempat. Mun dijujut, di urang (Tatar Sunda) teu saeutik ngaran
tempat nu diasosiasikeun jeung rupa-rupa talajak
alam (setting fisikal) nu pernah aya. Aya sababaraha
pola nu maneuh raket jeung asosiasi, biasana ku cara
matalikeun ngaran tempat jeung talajak alam téa. Éta
pola téh bisa dicirian ku: kahiji, pola linier nyaéta ngaran tempat sacara langsung diadaptasi tina talajak
alam. Demi talajak alam téh bisa ngawengku aspék
hidrologis, aspék morfogéologis (kontur permukaan
taneuh) jeung aspék biologis. Ari nu dimaksud pola nu
kadua nyaéta ngaran tempat nu dicokot tina dua
atawa leuwih boh talajak alam boh aspék sosiokultural dibarungkeun jadi hiji ngaran (konsép). Ngaran patempatan nu ngindung kana aspék
hidrologis di urang mah teu wudu beungharna. Mun
cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang
Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society,
masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus
pada-pada maphum yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma’mur. Ari salasahiji
ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk
nu resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana
Tatar Sunda ku Gusti Alloh téh ngadamelna ogé bari
“marahmay, tur imut ngagelenyu”. Geura urang guar, aspek hidrologis nu patali jeung
pola linier, ngaran Andir upamana. Éta kecap téh
seuhseuhanana mah kalawan torojogan diadaptasi
tina talajak alam aspék hidrologis, anu saharti jeung
huluwotan (springs), séké atawa cinyusu. Disawang
tina jihat sajarah, munasabah Andir (lebah Bandara Husen Sastranegara) téh baheulana teu bina ti sumur.
Ku lantaran éta tempat téh subur ku cai, Andir téh
harita jadi tempat anu kagiridig. Jadi tempat
pangimpungan jalma-jalma nu lumampah jauh boh nu
badarat boh nu tumpak kuda pikeun ngaso jeung
ngaleungitkeun hanaang. Lila-lila mah éta tempat téh jadi ramé, jadi pangjugjugan ti mana-mana. Nilik kana
talajak alam nu aya di tatar Sunda, bawirasa mun di
unggal tempat aya lembur nu dingaranan Andir. Di éta
tempat bakal manggihan kalawan langsung aspék
hidrologis anu disebut cinyusu, séké nu pernahna di
suku gunung atawa lamping. Conto pola linier nu pakait jeung aspek hidrologis séjénna upamana
ngaran: Empang, Parigi, Dano, Bendungan; Léngkong;
Parung; Dermaga, jsté. Ari pola nu kadua, lantaran gabungan téa tina dua
aspek atawa leuwih (aspek hidrologis jeung aspék
séjén kaasup rupaning istilah) di antarana: ci(cai): Ci-
malaka; séké: Sékéloa; leuwi: Leuwidaun; curug:
Curugsigay; bantar: Bantarmara; muara: Muararajeun;
balong: Balonggedé; sawah: Sawahkurung; parakan: Parakansaat; situ: Situaksan; émpang: Émpangsari;
solokan: Solokanjeruk; kali: Kalipucang; karang:
Karangnini; ranca/rawa: Rancapurut, Rawa- badak;
sagara: Sagaraanakan; sumur: Sumurbarang; talaga:
Talagawarna; tambak: Tambaksari; lebak: Lebaksiuh;
parigi: Parigimulya jrrd. Tah lebah akumulasi tina ngaran-ngaran tempat di
Tatar Sunda nu ditataan di luhur, bawirasa mun
diproséntasekeun téh tangtu bakal didominasi ku
ngaran nu dimimitian ku kecap ci. Naon sababna?
Perlu aya panalungtikan nu leuwih jero. Lian ti aspék hidrologis, ngaran tempat téh sok
dipatalikeun ogé jeung aspék morfogéologis (dumasar
kana kontur permukaan bumi) deuih. Ari pola linier nu
patali jeung aspek morfogeologis di antarana:
Punclut/Penclut, Legok, Tegal, Talun; Genténg jsté.
Sedengkeun pola nu ngindung ka nu kadua Lemah Neundeut, upamana. Éta ngaran téh diadaptasi tina
kaayaan lemah (taneuh) anu neundeut akibat ayana
rohang di jero taneuh anu kosong (téktonik) nu ahirna
ngareunteutkeun struktur taneuh. Conto-conto séjénna
ngaran tempat nu diadaptasi tina aspék morfogéologis
nu ngindung kana pola nu kadua, upamana baé: tina kecap tegal jadi ngaran Tegalkalong; kebon:
Kebonjukut; cadas: Cadasngampar; pasir: Pasirjati;
batu: Baturéok; guha: Guhapawon; legok: Legokhuni;
bojong: Bojongméron; ujung: Ujungkulon; geger:
Gegerkalong; tanjung: Tanjungsari; pulo: Pulomajeti,
jrrd. Kasus nu spésifik, deskripsi ngaran tempat nu patali
jeung aspék morfogéologis bakal leubeut kapanggih di
daérah pakidulan Tatar Sunda nu manjang ka tebéh
wétan. Éta tempat téh mangrupa kawasan
pagunungan anu katelah Southern Mountains, nu
nuduhkeun hiji daérah pagunungan (non vulkanik). Tina kontur taneuh modél kitu munasabah mun di éta
tempat loba nu dicokot tina talajak alam. Kota
Tasikmalaya, apan salah sahiji cirina loba ngaran
tempat nu maké ngaran gunung, nepi ka sohor ku
jujuluk the ten thousand hill of Tasikmalaya. Kesan
pernah ayana talajak alam modél kitu téh bisa diidentifikasi ngaliwatan ngaran tempat nu maké
kecap gunung. Upamana bagian wilayah kota nu
dibéré ngaran: Gunung sabeulah, Gunung lipung,
Gunungroay, Gunung sari, Gunung gadog, Gunung
pereng, Gunung awi, Gunung jambé, Gunung putat,
Gunung Ki-Cau, Gunung Pongpok jrrd. Sedengkeun aspek biologis sok dipatalikeun jeung
lingkungan alam (sistem ékologis) nu aya di
sabudeureunnana. Ngaran tempat biasana dicirian
atawa ngarujuk kana aspek flora jeung fauna.
Upamana flora, nyaéta tangkal nu aya atawa nu hirup
di éta tempat. Geura urang pedar nu patali jeung pola linier dina aspek biologis. Upamana ngaran Kosambi.
Mungkin baé éta tempat téh harita mah can boga
ngaran. Pikeun kapentingan nuduhkeun éta tempat,
kabeneran deuih di dinya téh aya tangkal kosambi
nya tuluy ditarelah baé ngaran Kosambi, malah nepi
ka ayeuna. Di tatar Sunda bawirasa asa loba pisan ngaran tempat nu maké ngaran tutuwuhan/tangkal
tina pola linier. Geura urang tataan ngaran-ngaranna,
saperti: Garut, Bayongbong, Sentul, Kosar, Katapang,
Dangdeur, Calingcing, Dukuh, Rambutan, Balingbing,
Cangkuang, Baros, Loa, Menteng, Bintaro, Bencoy, Jati,
Paséh, Kopo, Kirisik, Haramay, Petir, Kawista, Kroya, Gorda(h), Gempol; Gandasoli; Gambir; Gadog,
Jamblang, Jambu, Jampang, Darangdan, Bugel, Bihbul.
Gombong, jrrd. Demi pola nu kadua, nya eta Haurkonéng, Haur
Pancuh, Haur Pugur, Buahdua, Warudoyong,
Kalapanunggal, Kasomalang, Kiaracondong,
Gintunglempeng, Jatitujuh, Kawungluwuk, Pakuhaji,
Kadungora, Rengasdengklok, jrrd. Kaasup ngaran
tempat séjénna, Dungusmaung (dungus atawa rungkun; maung), Leuweungtiis (leuweung; tiis (aspék
klimatologis)), Pengkolan Asem, Warung Togé,
Leuwilaisah, jrrd. Kumaha ari ngaran tempat nu dicokot tina aspék
sosial? Ngaran Banceuy (lebah alun-alun Bandung
beulah kalér) upamana. Banceuy téh sacara étimologis
ngabogaan harti kompléks kuda, kaasup istal jeung nu
ngurusna. Ieu patempatan téh gelarna sabada aya
jalan raya pos (Grote Postweg) nu ngembat ti Anyer ka Panarukan téa. Ieu Banceuy téh sok dipaké tempat
pangreureuhan atawa bagantina kuda pikeun
kapentingan transportasi jeung kaperluan pos
(pasuratan) harita. Mun aya surat atawa barang ti
Batawi kudu dianteurkeun ka Semarang, nya tangtu
baé moal kuateun mun kudu meleter kuda hiji nepi ka Semarang. Munasabah pisan upama ngaran Banceuy
téh aya méh di tempat (kota) nu kaliwatan ku éta
jalan. Conto séjén, Balubur. Apan éta ogé teu leupas tina
aspék sosial jaman pangawulaan. Harita balubur téh
ngaran tempat aya dina kakawasaan bupati (boga
hak istiméwa). Mun cara ayeuna mah meureun sarua
jeung kompléks perumahan pejabat (para menak)
kabupatén. Conto séjénna nu patali jaman pangawulaan: Patrol, Karéés, Régol, Pamager sari,
Pungkur jsté. Atuh ngaran-ngaran nu maké kecap
kekebonan luyu jeung tangkal nu dipelakna (lelewek
Bandung), upamana: Kebon Kalapa, Kebon Jukut,
Kebon Kawung jrrd. éta ogé teu leupas tina aspék
sosial harita. Kebon kopi di Ciaruteun (Bogor), apan teu leupas tina sétting sosial malah kaasup setting
kultural, nyaéta tempat dkapanggihna prasasti
batutulis Kebon Kopi. Éta tempat téh ngait kana jaman
‘tanam paksa’ Culturstelsel nu ngawajibkeun
masarakatna marelak kopi. Harita leuweung dibabad
pikeun dijadikeun kebon kopi. Nepi ka ayeuna éta tempat téh nelah kampung Kebon kopi. Titinggal cultur
stelsel téh, nu abadi nepi ka kiwari sok
dikarawihkeun, cenah: Dengkleung déngdék, buah kopi raranggeuyan
Ingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan. Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan
pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun
rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan
masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat.
Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana
panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku,
kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka
anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan. Di Bandung gé apan sakitu ngaleuyana ngaran tempat
nu maké kecap babakan, saperti Babakan Surabaya,
Babakan Ciamis, Babakan Sumedang, Babakan
Ciparay jsté. Éta ngaran-ngaran tempat téh raket pisan
patalina jeung talajak sosial waktu ngadegkeun éta
tempat. Babakan Surabaya upamana, dalit pisan jeung talajak sosial, ku kajadian dipindahkeunana instalasi
militér, pabrik senjata/mesiu nu sok disebut Artillerie
Contructie Winkel (ACW) ti Ngawi jeung Surabaya ka
lelewek Kiaracondong. Ayeuna mah éta pabrik
senjata téh katelah PINDAD. Ti dinya loba pagawé ACW
(urang Surabaya jeung Ngawi) nu pindah ngaradon “bedol désa” ka Tatar Sunda. Cék Haryoto Kunto,
nya ti harita aya kacapangan dina wangun sisindiran
keur ngageuhgeuykeun urang Jawa nu unina “Jawa
Kowék dagang Apu, datang poék teu diaku”. Ieu
geuhgeuyan téh lantaran loba “bedoler” datangna
ka Bandung kapeutingan. Boa boa pedah naék spur “Si Kuik” kawasna mah, anu ngadided majuna
jeung loba eureunna téa. Sadatangna ka Bandung,
tuluy baé muka lembur, arimah-imah, nya katelah wé
babakan Surabaya. Masih cék Haryoto, aya talajak sosial anu unik
sabudeureun kota Bandung harita. Bawirasa ayeuna
ogé masih dipaké. Nyaéta sebutan ‘dayeuh’.
Dayeuh téh mangrupa istilah anu populér pikeun
ngarujuk kota Bandung. Jadi nyaba ka ‘dayeuh’
maksudna indit ka Bandung. Ari sétting kultural nyaéta ngurung kana ngaran
tempat nu dipatalikeun jeung unsur-unsur gagasan
atawa ide saperti: aspék mitologi, folklore, sistem
kapercayaan masarakatna. jsb. Najan dina émprona
mah dalit jeung seting sosial. Saupama ngajujut
ngaran tempat, teu kakobet ku cara boh setting fisikal, boh setting sosial nya tarékah pamungkas téh
maké setting kultural. Lamun loba ngaran tempat/
kota di tatar Sunda nu teu bisa dijujut maké perspéktif
fisikal, nya wayahna kudu dibantuan ku mitologi,
folklore jeung sistem kapercayaan. Majaléngka pan
ngaitna téh jeung mitologi Nyi Rambut Kasih, Bandung nyantélna jeung carita legénda Sangkuriang,
Sumedang jeung étimologi Insun Medal jste. Réa kénéh
ungkabeun mah saperti Tanjakan Sahrudin? Dago
Jawa? Selagedang? Gado Bangkong? Curug Pangantén?
Gunung Tampomas? Gunung Galunggung? jrrd. Lebah
dieu perlu metakeun jampé pamaké téh. Dina nyukcruk ngaran tempat, informasina téh biasana
nyamuni disatukangeun budaya nu jadi bagian
integral tina kahirupan masarakatna. Nyukcruk sarsilah ngaran Plumbon, Karapyak,
Palimanan jste. mun kurang-kurangna urang apal
kana kasangtukang budaya, tangtu bakal lebeng,
bakal poékkeun. Nya cara maluruhna, kahiji ku jalan
mesék éta kecap sacara étimologis; nu kadua
dipatalikeun jeung aspék sosial budaya jaman harita ngeunaan éta tempat, saperti conto kasus Tanjakan
Émén di luhur. Geura urang pesék, upamana Palimanan. Naon
sababna bet dingaranan Palimanan? Singhoréng aya
sasakalana. Kecap palimanan téh sacara étimologis
asal kecap tina liman (Kawi) nu hartina gajah, dibéré
rarangkén barung (konfiks) pa-an nu hartina tempat.
Sabada dirarangkenan éta kecap ngandung harti tempat nu dicicingan ku gajah. Ceuk légégna mah
komplék gajah. Naha maké aya gajah di éta tempat? Demi kota
Palimanan, aya di daérah bawahan karajaan Cirebon
(Sultan Cirebon). Ari Sultan téh nya raja téa. Demi nu
jadi raja harita, (patalina jeung kontéks sosiokultural
mitis-magis) boga anggapan yén miara gajah (satwa
kalangenan) mangrupa salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung komara
éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana
tradisi pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung
mentingkeunana kana kamampuh museurkeun
kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan
karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja. Mawat gajah (salaku mitos)
dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan,
kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan. Tina pedaran di luhur, katitén yén ngaran-ngaran
pilemburan husus di Tatar Sunda teu sagawayah.
Unggal ngaran tempat téh ngabogaan kasangtukang
kasajarahan (sasakala) nu patali jeung setting fisikal,
setting sosial jeung setting kultural. Nya kekecapan
karuhun urang yén lembur matuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan téh ninggang dina
kekecrék.

Sumber: sunda.net

SONO KA LEMBUR EUY

post on: Sabtu, 20 Agustus 2011
Nineung ka pungkur, ka lembur anu nyingkur Teu weleh aya karaos tentrem tur sugema Emut ka pakarangan nu ngemploh hejo,
sawah anu hegar sareng cai anu nyurulung
tina pancuran. Endah tur asri matak mapaes hate anu sono
kana reureuh tina raramean kota Sono ka abah, ambu sareng baraya anu
sauyunan, sahate, welas tur asih Duh lembur, sing ulah kabawa ku sakaba
kaba sim kuring sono kana kahejoan anjeun.

Damai jeung Endah Hirup di lembur...........

Hirup teh ceuk kuring mah teuing ku endah. Coba gera lamun urang imeut nitenan pangeusi dunya, da karasa ayana ayat-ayat kauniah teh. Bruh breh narembongan. Eta gera tina kekembangan we. Apan meni rupa-rupa boh pulasna atawa rupana kitu oge seungitna malah aya nu bau oge. Pareng eta kembang teh laligar di patamanan , katingali pisan endahna, payusna. Sanajan dina marakbakna kekembangan , aya kembang anu bau, ih da teu ieuh kembang nu lain openan, teu ieuh aing-aingan asa aing kembang kidul ..aeh salah maksud teh henteu asa aing uyah kidul. Silih pikaheman we katempona teh.

Kitu deui dina bubuahan. Terong contona, aya terong gandaria, aya terong hejo, aya terong bodas, aya terong buleud, aya terong panjang jeung aya terong ramo nu sok di balado ku urang Padang. Lamun ku urang dititenan, kabeh ge terong eta teh. Tah ku jalma anu jembar panalar mah eta Ki Terong teh dijadikeun ayat kauniah yen Alloh mah nyiptakeun mahluk teh loba nu sarua tapi beda sifat jeung rupana. Eta teh bisa dilarapkeun kana hal anu sarua rupana tapi beda eusina, atawa sarua eusina tapi beda rupana. Alamiah pisan pan? Atuh Ki Terong teu ieuh asa aing panghejona atawa pang gandariana, tuluy nyawad ka terong bodas yen sabenerna terong aslimah terong hejo lain terong bodas.Tuluy ku ayana terong bodas, terong hejo jadi teu katempo sieupna. Apan teu kitu. Terong hejo, terong bodas, terong gandaria katut terong ramo masing-masing boga ciri nu mandiri. Jadi ceuk basa saujratna mah, sasama terong ulah silih beubeutkeun. He..he..he…, kacipta nya aya terong silih beubeutkeun.

Kumaha ari manusa anu jadi pangeusi dunya? Nya sarua ieu oge watekna anu rupa-rupa milu mapaesan endahna kahirupan. Ku ayana eta, urang bisa ngarasakeun kumaha nimatna seuri, kumaha peurihna hate, kumaha mentegegna rasa, kumaha agulna diri ah rupa-rupa we rasa anu diakibatkeun ku polah manusa di dunya, hususna polah manusa anu tumiba langsung ka diri urang. Tah eta teh omat ulah dipake agul atawa nyeri hate, sok komo jadi bangbaluh mah, ulah pisan. Kudu lebar kana diri, lebar kana awak da sakumaha kasep jeung geulis oge ari ngukut berewit hate mah bakal goreng katempona. Komo mun diembohan ku goreng sangka sarta nyawad ka batur, asa aing pangpinterna, pangbenerna mah. Tah nu kitu mah geus pantes dipikarunya sabab geus yakin manehna teu bisa ngarasakeun endahna hirup. Ceuk kuring kitu ge, kateuing ceuk batur mah.

Hirup teh teuing ku endah, seuri jeung ceurik masieup lalakon urang. Hirup teh teuing ku samporet, waktu teu sirikna ngungudag kalangkang urang. Cikeneh sareupna kiwari geus carangcang tihang. Panon poe geus moncorong sajorelat geus poek deui. Beurang kaganti ku peuting, poe kaganti ku minggu, minggu kaganti ku bulan, bulan ganti ku taun. Sadar-sadar urang geus aya di jero kubur. Subhanallah, walhamdulillah, walailahailallah, allohu akbar. Leres pisan sakumaha pidawuh Anjeun ya Rob, demi waktu saestuna manusa teh aya dina karugian. Kajaba anu ariman, anu silih ingetan sarta aya dina kasabaran. Wallahualam Bisawab.

categori

#top I powered by blogger.com and Mobile Template script Kang bagas96